BIOGRAFI IR.H.DJUANDA
Pa Juanda téh pituin urang
Tasikmalaya, dibabarkeun kaping 14 januari 1911. Ramana raden kartawijaya,
ibuna nyi momot. Pak kartawijaya teh guru di HIS di tasikmalaya. HIS (Hollan Inlandsche
school) teh nyaeta sakola dasar tujuh taun
Basa yuswana tujuh taun, pa juanda lebet ka HIS di tasikmalaya. Nanging ku margi ramana dialihkeun tugasna, janten kepalam(mantri guru) HIS cicalengka, pak juanda oge ngalih sakolana ka bandung. Henteu ka HIS deui ngalihna teh tapi ka ELS (Europeesche Lagers School), nyaeta sakola dasar pikeun orang eropa. Pa Juanda mah kaasup murid anu pinter, malah di kelas mah kaasup pangpinterna, ku pinter-pinterna pak juanda ti kelas 5 teh langsung naek ka kelas 7.

Satamatna ti ELS, Pa Juanda
neraskeun ka HBS, nyaéta sakola menengah pikeun bangsa Éropah. Pa Juanda ditarima
di HBS Bandung taun 1924. Pa Juanda bisa ditarima di éta sakola,lantaran niléy
hasil ujianana alus pisan, babakuna pangajaran ngitung jeung basa Walanda, sarta
meunang katerangan anu hadé ti guruna.
Satamatna ti HBS, Pa Juanda
neruskeun kuliah ka THS (Technische Hogeschool Bandung),
anu ayeuna jadi Institut Téknologi Bandung (ITB). Harita mah carang pisan bangsa urang anu bisa neruskeun sakola ka THS téh. Komo deui ieu, Pa Juanda mah aya onjoyna, meunang béa siswa ti pamaréntah. Beu, kacida banggana atuh alam harita mah. Harita mah langka pisan bangsa urang,
anu bisa neruskeun kuliah téh. Éta wé anu bareng kuliah jeung Pa Juanda, bangsa urangna mah ngan opatan. Lolobana urang Walanda. Pa Juanda tamat kuliahna taun 1933, sarta nyangking gelar insinyur (Ir). Harita yuswana nembé 22 taun.
Bérés kuliah, Pa Juanda mulih ka Cicaléngka. Teras nikah sareng Bu Yuliana, salasawios guru HIS Cicaléngka. Boh Pa Juanda boh Bu Yuliana, sami-sami putra mantri guru HIS. Rumah tanggana éstu runtut-raut. Nya kagungan putra lima: istri opat, pameget hiji.
Harita téh nu disebut jaman malaise téa, jaman ékonomi susah, pagawéan hésé. Tampolana mah hasil sakola téh, taya hubunganana pisan jeung pagawéan. Harita Pa Juanda ogé kitu, Padamelanana anu munggara nyaéta jadi guru di AMS jeung Kweekschool Paguron Muhammadiyah di Jakarta. Pa Juanda kénging padamelan di dinya téh, ku pangdeudeul Pa Oto Iskandar di Nata. Malah saterusna mah Pa Juanda téh diangkat jadi diréktur di éta dua sakola. Nya harita deuih Pa Oto mimiti mikawanoh kana topék Pa Juanda dina ngokolakeun administrasi. Malah saterusna mah Pa Juanda ku Pa Oto, sering dilibetkeun kana kagiatan anjeunna.

Nalika taun 1934, Pa Oto
Iskandar di Nata kapeto jadi Ketua Umum Paguyuban Pasundan, Pa Oto nunjuk Pa Juanda jadi sékretarisna. Harita
anggota Paguyuban Pasundan téh, leuwih ti tilu ribu urang sarta boga 52 cabang,
anu sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Kagiatanana ngawengku widang atikan, ékonomi,
pulitik, jeung sosial budaya
Sanggeus genep taun
babakti di sakola,kakara Pa Juanda kénging padamelan anu luyu sareng
kaahlianana sabagé insinyur. Taun 1939 Pa Juanda diangkat jadi tanaga ahli di
Jawatan Pengairan Provinsi Jawa Barat. Sataun ti harita, Pa Juanda ngalih ka
Bandung. Anjeunna kapapancénan ngawangun sasak anu meuntasan Walungan Citarum
di Kedunggedé.
Kaayaan Bandung beuki harénghéng baé, Pa Juanda ogé kapaksa ngungsi ka Tasikmalaya. Tadina mah badé teras ngalih ka Yogyakarta, sabab harita puseur pamaréntahan RI, dipindahkeun ti Jakarta ka Yogyakarta. Henteu cios ngalih ka Yogyakartana téh. Ku margi anjeunna diangkat janten
Kepala Jawatan Karéta Api Nasional, anu kantor puseurna aya di Bandung. Nya Pa Juanda ogé ngalih deui ka Bandung
Ku lantaran dianggap suksés mingpin Jawatan Karéta Api Nasional, Pa Juanda diangkat jadi Menteri Muda Perhubungan, anu garapan pokona ngabawah urusan karéta api. Teu mangkuk sataun ti harita, naék deui jabatanana jadi Menteri Perhu¬bungan. Ayeuna mah teu ngurus kareta api wungkul, tapi ngabebenah sakumna masalah perhubungan. Jelas henteu gampang, jauh jeung ayeuna mah. Jalan jeung jambatan loba nu ancur alatan perang. Di dinya Pa Juanda ogé dianggap suksés, terus diangkat jadi Menteri Pekerjaan Umum. Pa Juanda ogé kungsi jadi Menteri Negara, ditéma ku jadi Menteri Kemakmuran. taun 1950 balik deui kana urusan perhubungan, Pa Juanda diangkat deui Menteri Perhubungan.
Pa Juanda meunang jujuluk Menteri Maraton. Ari sababna, ti taun 1946 nepi ka wapatna taun 1963, Pa Juanda méh terus-terusan jadi menteri. Sakali jadi Menteri Muda, opat belas kali jadi Menteri. Éta téh lain jadi menteri dina widang anu sarua. Upamana baé Menteri Perhubungan, Menteri PU, Menteri Negara, Menteri Kemakmuran, Menteri Negara Urusan Perencanaan, Menteri Keuangan, jeung Perdana Menteri ngarangkep Menteri Pertahanan. Pa Juanda henteu jadi mentrina téh dina Kabinet Ali, taun 1953-1956. Harita Pa Juanda mingpin Biro Perancang Negara. Anu ayeuna jadi Bappenas di tingkat nasional, Bappeda di tingkat provinsi jeung kabupatén. Pikeun jadi stafna, Pa Juanda milih nu ngarora, di antarana Émil Salim jeung Wijoyo Nitisastro, anu harita masih kénéh mahasiswa.
Lamun di
caritakeun mah moal aya seep-seepna carita pa juanda teh. Kasimpulanamah pak juanda teh jalmi nu
pinter, nu kenging seeur jabatana, sareung nu berjasa dina pangaruh rakyat
indonesia.
Kaayaan Bandung beuki harénghéng baé, Pa Juanda ogé kapaksa ngungsi ka Tasikmalaya. Tadina mah badé teras ngalih ka Yogyakarta, sabab harita puseur pamaréntahan RI, dipindahkeun ti Jakarta ka Yogyakarta. Henteu cios ngalih ka Yogyakartana téh. Ku margi anjeunna diangkat janten
Kepala Jawatan Karéta Api Nasional, anu kantor puseurna aya di Bandung. Nya Pa Juanda ogé ngalih deui ka Bandung
Ku lantaran dianggap suksés mingpin Jawatan Karéta Api Nasional, Pa Juanda diangkat jadi Menteri Muda Perhubungan, anu garapan pokona ngabawah urusan karéta api. Teu mangkuk sataun ti harita, naék deui jabatanana jadi Menteri Perhu¬bungan. Ayeuna mah teu ngurus kareta api wungkul, tapi ngabebenah sakumna masalah perhubungan. Jelas henteu gampang, jauh jeung ayeuna mah. Jalan jeung jambatan loba nu ancur alatan perang. Di dinya Pa Juanda ogé dianggap suksés, terus diangkat jadi Menteri Pekerjaan Umum. Pa Juanda ogé kungsi jadi Menteri Negara, ditéma ku jadi Menteri Kemakmuran. taun 1950 balik deui kana urusan perhubungan, Pa Juanda diangkat deui Menteri Perhubungan.
Pa Juanda meunang jujuluk Menteri Maraton. Ari sababna, ti taun 1946 nepi ka wapatna taun 1963, Pa Juanda méh terus-terusan jadi menteri. Sakali jadi Menteri Muda, opat belas kali jadi Menteri. Éta téh lain jadi menteri dina widang anu sarua. Upamana baé Menteri Perhubungan, Menteri PU, Menteri Negara, Menteri Kemakmuran, Menteri Negara Urusan Perencanaan, Menteri Keuangan, jeung Perdana Menteri ngarangkep Menteri Pertahanan. Pa Juanda henteu jadi mentrina téh dina Kabinet Ali, taun 1953-1956. Harita Pa Juanda mingpin Biro Perancang Negara. Anu ayeuna jadi Bappenas di tingkat nasional, Bappeda di tingkat provinsi jeung kabupatén. Pikeun jadi stafna, Pa Juanda milih nu ngarora, di antarana Émil Salim jeung Wijoyo Nitisastro, anu harita masih kénéh mahasiswa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar